Sakali mangsa tatangga Si Kabayan teh hajat gede, ngawinkeun anakna. Ondangana kacida lobana, boh ti nu jauh boh ti nu deukeut. Carek wiwilanganana salembur eta mah diondang kabeh, iwal Si Kabayan.
source |
“Sadeupa, dua deupa, tilu deupa, …,” cenah.
Semah kacida kageteunana, nenjo kalakuan Si Kabayan kitu teh. Sarerea ngariung nenjokeun Si Kabayan ngadeupaan imah nu boga hajat. Pribumi oge norojol; barang ngadenge rebut-ribut di luar teh, gancang kaluar. Ari ret ka Si Kabayan, manehna ngajenghok, tuluy nanya ka Si Kabayan.
“Ku naon Kabayan, maneh teh ngadeupaan lincar? Bet eta jeung teu dibaju kitu, kawas budak wae.”
Tembal Si Kabayan, “Wah, mun kolot ge diondang.”Nu boga hajat pohara eraeunana, rumasa ngabeda-beda jelema. Gancang wae nyarita.
“Kapan ti kamari ge diondang. Manehna mah sok pohoan. Gancang balik, dibaju heula, engke ka dieu, sakalian bawa pamajikan,” kitu ceuk nu boga hajat teh. Si Kabayan kacida atoheunana.
0 Comments