PAGUNEMAN "DINA INTERNET" 2 ORANG

PAGUNEMAN NGOBROL DI WARNET

source
Agung : Fer, bejana di sakola urang rek aya lomba pidato basa Sunda. Urang miluan yu, ah!
Feri: Wah, boro-boro kudu pidato. Hese ngomong basa Sunda teh.
Agung : Ah, piraku cicing di Bogor teu bisa basa Sunda. Ari Feri di imah sok ngomong make basa naon? Basa Sunda, lin?

Feri : Nya aya basa Sunda, aya basa Indonesia. Ngan seseringna mah sok make basa Indonesia.
Agung : Naha?
Feri : Sok karagok ari ngomong ba Sunda teh. Jaba keluarga Feri mah nyaritana sok basa Indonesia bae.
Agung : Ari bapa sareng mamah Feri urang mana kitu? Urang Sebrang atawa urang Jawa?

Feri : Urang Bogor asli.
Agung : Tah, Feri teh kuduna mah ulah cicing di Bogor, ulah cicing di Jawa Barat.
Feri : Naha? Pedah teu ngomong make basa Sunda? Kapan loba di Bogor oge urang Batak, urang Jawa, urang Padang anu teu ngomong Sunda. Ku urang kudu diusir, Gung?

Agung : Lain urang kudu ngusir urang Batak atawa urang Jawa, Fer. Keun bae maranehna mah lain urang Sunda ieuh. Ngan ceuk Agung mah teu pantes, lamun urang Sunda kawas Feri, cicingna di tanah Sunda, tapi embung nyarita ku basa Sunda.
Feri : Lain embung, Gung, tapi sok gengsi ari ngomong ku basa Sunda teh. Asa tinggaleun jaman. Asa jadi urang kampung.

Agung : Tah ceuk Agung mah pikiran kitu anu tinggaleun kareta teh. Urang asing ayeuna beuki loba anu harayang dialajar basa jeung budaya Sunda. Di Jepang jeung di Amerika cenah geus aya tempat-tempat kursus kabudayaan Sunda. Matak kitu ge basa jeung budaya Sunda teh meureun aya unggulna, tepi ka mara- nehna katajieun hayang dialajar.

Feri : Tapi ceuk Feri mah tetep basa Sunda henteu bisa asup kana dunya moderen, Gung!
Agung : Ah, Feri mah sok tinggaleun wae. Feri sok ka warnet?
Feri : Osok! Ku naon kitu?
Agung : Sok naon wae ari ka warnet te?
Feri : Nya kitu we, resep chating kawas batur

Agung : Ulah chating wungkul atuh, Fer. Pek geura Feri mukaan Web-site atawa situs-situs anu ngagunakeun basa Sunda. Hayang apal naon Feri, majalah Mangle, buku Sunda, Komunitas Urang Sunda? Wah, geus aya ayeuna mah. Hartina basa Sunda oge geus milu manggung dina lalu lintas global internet. Bisa dibaca ku manusa nagara mana wae. Naha eta teu asup kana dunya
moderen?

0 Comments