PAGUNEMAN "KEMPING DI SAKOLA" 3 ORANG

Santi : Gin, saurna engke wengi Minggu bade acara kemping di sakola. Leres, kitu?
Gina : Leres. Ke enjing saurna serat kateranganana dibagikeun ku Pa Anda.
Nuning : Naha nganggo serat keterangan sagala, kanggo naon?
Gina : Serat katerangan kanggo sepuh, supados aruningaeun naon margina Pa Anda ngayakeun acara kemping di sakola.

source
Nuning : Oh! Saurna ieu mah kemping istimewa, sanes kemping pramuka anu biasa. Kemping sapertos kumaha, nya?
Gina : Geuning eta Nuning mah tor terang, tisaha?
Nuning : Pedah we barudak tos ibur. Bakal resep cenah. Sadayana oge ngariring
Gina : Tos ibur, nya? Muhun, kamari Pa anda ngobrol sareng pangurus OSIS, rupina teras pawartos-wartos, nya?

Nuning : Muhun, Gin, aratoheun pisan barudak teh
Gina : Nya resep we ari seueuran nu bade ngariring mah. Ongkoh kempingna henteu matak hariwang da ieu mah tempatna di buruan sakola.
Santi : Naha ku naon henteu di alam bebas we atuh, nya Gin? Kan langkung happy? Di sakola mah lah, teu aneh!

Gina : Nyeta, Pa Anda tehh saurna hoyong ngayakeun kemping di tempat anu caket, tapi matak resep.
Nuning : Naon wae kagiatanana teh, cenah Gin? Abdi mah panasaran?

Gina : Kamari Gina sempet papanjangan ngobrol sareng Pa Anda. Ieu mah cenah sanes kemping kawas dina kagiatan pramuka. Moal aya uji ketasngkasan, maca tanda jejak, semapur, atawa morse. Saleresna ieu mah acara ameng, ngan ameng nu kreatif. Engke urang ngariung, Pa Asep rek ngadongeng, Bu Yani rek ngajak hidep tatarucingan. Pa Hadi rek maca puisi. Tuluy engke unggal murid kedah nangtung di pakalangan, mintonkeun naon we, kumaha kabisa masing-masing. Rek ngadongeng, maca puisi, nyanyi, dancing, atawa ngabodor. Nu penting urang bungah, enjoy sadayana.

Nuning : Saurna kedah nyandak lilin sapuluh ewang, Gin. Kanggo naon?
Gina : Tah, lingkungan sakola teh cenah rek ditata sing endah. Urang masang lilin sareng damar sewu, sina renclang. Wah kacipta resepna, nya?

Santi : Saurna bade aya acara muter filem sagala, Gin. Leres kitu?
Gina : Muhun. Engke urangnongton filem sasarengan.
Nuning : Wah, filem naon? Ulah filem Jelangkung we, Gin. Iiiyy!

Gina : Ih ieu mah filem sae saur Pa Anda ge Children of Heaven. Filem ti Iran anu nyarioskeun budak miskin tapi hebat pisan sumanget diajarna.
Nuning : Wah, pasti seru, atuh!
Santi : Gin, upami acarana sapertos kitu, naha bet kedah bari kemping sagala, nya? Henteu di kelas wae?

Gina : Huh, Santi mah. Diajar di kelas wae matak bete atuh! Tempat diajar teh sanes mung ukur ruang kelas. Tapi lega pisan, dunya sakurilingeun urang ge sami ruang tempat diajar.

Santi : Deuh! Non Gina mah ari nyarios teh mani siga nu enya. Pokona Santi ge satuju lah. Sawaktos-waktos memang kedah aya acara sapertos kitu, ngarah henteu bosen. Ngarah pikiranurang fresh deui. Nya henteu? Hayu ah, urang wartosan rerencangan nu sanes!

0 Comments