source |
Tah nyaho kitu pamajikan sikabayan teh nyebutkeun yen dileuweung aya dukun anu neangan suluh, tapi sidukun teh teu daek ngaku manehna dukun mun manehna teu ditonjokan heula. Langsung we sisaudagar jeung pangawalna indit weh ka leuweung. Panggih weh sikabayan jeung saudagar sarta pangawalna. Habek-habek we etamah sikabayan ditengelan. Sisaudagar nanya “Silaing dukun lain?”.
“Lain kuring mah lain dukun”, jawab sikabayan. “Ngaku sih! Mun teungaku, silaing ditonjok deui ku pangawal aing!”, si saudagar ngotot. “Heeh atuh kuring dukun”, jawab si kabayan kapaksa. Dipanggihkeun weh sikabayan jeng Nyi Hasanah. Nya moal matih atuh da Nyi Hasanahna ge henteu pireu nyaan.
Balik weh sikabayan, ke dongkap deui. Si jang Agus apaleun, langsung we si jang Agus menta manehna hayang jadi pangiring siembah dukun jeung bakal mere warisan ti uwana. Nya daek weh atuh ari sikabayan mah moal mungkin nolak ari meunang kauntungan mah. Geus kitu si Kabayan ngamprak ka imah saudagar jang ngubaran Nyi Hasanah.
Paamprok weh Agus jeung Nyi Hasanah, teu sakara-kara Nyi Hasanah bisa ngoong deui, ngan orokaya terus dibawa kabur ku Agus. Atuh puguh guyur. Kumaha tah kalanjutanna? Sok urang baca dugika tamat ngarah panasaran jeung bisa ngahirupkeun budaya Sunda.
0 Comments