Isuk keneh Si Kabayan jeung mitohana geus harudang, lantaran poe eta maranehna rek ngilu moro uncal. Urang kampung geus saraged, make calana sontog, samping dibeubeurkeun kana cangkeng, bedog panjang nyolegreng. Sawareh marawa tumbak. Anjing rageg geus hayangeun geura ngudag boroan ka leuweung.


Nenjo batur saraged teh Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manehna mah nyantey we, make sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, manehna mah kalah mawa peso raut.
“Keur naon mawa peso raut, Kabayan?” tatanggana nanya. “Keur nyisit uncal,” jawabna.

Nu rek moro laju indit. Tepi ka leuweung, der ngasruk. Anjing rageg ti kulon, ti kaler, ti wetan. Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah kidul, lebah bubulak. Ari Si Kabayan misahkeun maneh. Manehna mah nangtung handapeun tangkal jambu batu bari tatanggahan, neangan jambu asak.

Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero, “Pegaat…!” Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol teh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah. Si Kabayan can nyahoeun uncal. Cek pangirana uncal teh sagede anak embe. Nu matak barang nenjo sato nu siga kuda bari tandukan teh, ngan terekel we manehna naek kana tangkal jambu. Teu bisa luhur naekna teh da kagok ku sarung.

Manehna nangkod kana dahan panghandapna, sarungna ngoyondon. Kabeneran uncal teh lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun kaparud ku tanduk uncal nu sakitu ranggahna.
Si kabayan teu kira-kira reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti handap. Ari ditenjo horeng tanduk uncal teh meulit kana sarungna.

Uncal ngarengkog, tuluy babadug hayang ngalesotkeun tandukna. Kadenge ambekanan hos-hosan. Si Kabayan beuki pageuh muntangna, uncal beuki rosa ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh kabeulit ku sarung. Si Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan. “Tuluuuuung….tuluuunngg…., ieu aing ditubruk uncal…!” Si Kabayan gegeroan menta tulung.

Teu lila burudul nu moro nyalampeurkeun. Nenjo uncal abrug-abrugahn teh, teu antaparah deui belewer we ditumbak. Uncal ngajengjehe. Jekok-jekok pada ngadekan tepi ka rubuhna. Uncal ngajoprak. Si Kabayan ge ngalungsar gigireunana bari renghap ranjug. Nu ngariung uncal helokeun.
“Kumaha ditewakna ucal sakieu badagna, Kabayan?”

Si Kabayan nangtung lalaunan bari cungar-cengir., “Ah gampang. Uncal mengpengan ka handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup weh tandukna ku sarung . Tuh geuning sarungna oge tepi ka rangsak saroeh.

Geus karungkup mah teu hese, kari marieuskeun we tandukna.” Sarerea gogodeg. Ari Si Kabayan padamuji teh nyerengeh we bari ngusapan tuurna nu barared. Uncal pada ngarecah. Si Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan.